FAQ |
Calendar |
![]() |
|
Jokes Segala hal yang lucu dan kocak bisa kamu baca ataupun share disini. |
![]() |
|
Thread Tools |
#1
|
||||
|
||||
![]()
Asalamualaikum orang sunda hayu pantun ![]() Poe salasa tumpak kuda kuda paninggalan walanda urang mah urang sunda atuh pake basa sunda kangkung diasakan ku randa ngeunah pisan rasana angklung teh asli ti sunda kuring nu bogana aya pawang buhaya pawangna ulin ka persia kudu nyaah kana budaya bisi dicolong ku malaysia hayang ulin ka gunung gede di gunung aya buhaya urang sunda sing harade sing nyaah kana budaya ulin ka jalan juanda sawaktos bulan puasa mun ngaku urang sunda tong poho kana basa aya jalma teu boga alis sabab getol dikerokna neng geulis tong gumeulis sabab rujit nenjona baju teh apan disewakeun disewakeun ku indung sia basa sunda sok atuh gunakeun saeuncan diaku ku malaysia aya huma dekeut situ eta huma nu bogana randa naha urang sunda teh kitu alim nyarios ku basa sunda majar maneh rek ka huma ka cai ngajingjing kendi majar maneh rek karunya lila-lila nganyeyeri paingan cacing barijil halodo katinggang hujan paingan teu genah cicing kabogoh aya nu neang baju hejo dibulao kembangna katuncar maur seubeuh nenjo ti bareto geus gede dikimpoi batur Majar maneh cengkeh koneng kulit peuteuy dina waru Majar maneh lengkeh koneng kulit beuteung meuni nambru *lengkeh koneng=langsing singset ka Bandung kuring ka bandung sukajadi keur marema kaduhung kuring kaduhung heunte jadi ka manehna *marema=rame kamana ngaitkeun kincir sakieu panas poena kamana ngaitkeun pikir sakieu panas hatena cau ambon dikorangan korangna ka pipir-pipir manehna ambon sorangan urangna teu mikir-mikir *ambon sorangan=bertepuk sebelah tangan samping hideung dina bilik kumaha nuhurkeunnana abdi nineung ka nu balik kumaha nuturkeunnana *nineung=inget mulu diputer-puter paseukna ari pek beunang talina diincer-incer lanceukna ari pek meunang adina itu gunung ieu gunung gunungna gunung arjuna itu pundung ieu pundung pundungna bet duanana aya oplet maju ngidul kuring wawuh ka supirna diajar teh ulah ngedul bisi kaduhung ahirna Majar maneh nganyam samak neukteukkan bari motongan majar maneh neang anak ngadekeutan popotongan kuma suling kuma suling suling teh ngan silung wae Kuma kuring kuma kuring kuring teh ngan bingung wae *silung=sorana teu pas Aya hiji balon rek bitu sabab kagencet ku buhaya naha urang sunda teh kitu mopohokeun kana budaya Aya jalma teu boga banda sadayana tos dipasihkeun angklung teh ti tatar sunda naha urang bet mopohokeun ulin ka laut banda naha jadi nalangsa kuring teh urang sunda kuring nyaah kana basa di kebon sato aya panda panda ngahakan kangkung budayakeun budaya sunda bilih lapur kawas angklung kamari ulin ka samarinda trus nyimpang ka bima kuring mah da urang sunda nyebat ka indung teh emak diluhur aya bandera bandera gambar panda naha kuring kudu era pan ieu teh basa sunda Selamat Berpantun Bahasa Sunda Gan Terkait:
|
![]() |
|
|