Log in

View Full Version : sms


aziskentut
9th June 2012, 09:17 AM
Aya SMS asup, Mang Yayat ngan pati kerung macana oge:

"Nak, tolong kirim pulsa 100 ribu ke hp baru Mama. Mama lagi di kantor polisi. Penting."



Mang yayat ngabales kesel:

"Rék nipu aing siah ? Iraha teuing aing nyebut Mama ka indung aing, biasana ogé Ema ! "



Teu lila aya SMS asup deui:

"Jang, tolong kirim pulsa 100 ribu ke Ema. Ema lagi di kantor polisi. Penting "



Dibales ku Mang Yayat:

"Istikomah atuh maké bahasa téh, rék bahasa Sunda atawa Indonesia ! "



SMS dibales :

"Jang, punten kintun pulsa 100 ribu ka Ema. Ema nuju di kantor polisi. Penting ! "



Mang Yayat ngabales deui:

"Hampura, aing ogé sarua cekak 700 perak deui. Gara2 sia atuh da tukang tipu ! "



Nu rék nipu ngabales deui:

"Cing atuh ti tatadi nya ngomong wé teu boga pulsa ! Capé rék nipu na ogé ! "



Mang Yayat ngabales :

"Cucunguk sia atuh da ! Jadi pulsa aing 350 pérak deui ! "



Dibales ku nu nipu:

"Salah saha kunaon dibales !?"



Mang Yayat ngabales :

"Sia nu ngamimitian tukang tipu ! Ieu SMS aing nu terakhir ! jadi beak pulsa aing ! "



Nu nipu ngabales: " Sarua béak pulsa aing oge kéhéd !!! Jadi Hese rek nipu nu sejen dasar Blegug siaaaaah

</div>