Log in

View Full Version : Bobodoran sunda [ngakak]


ps3black
27th May 2012, 06:59 PM
[/quote]





Kadaharan Haram

Ali : "Kadaharan naon nu haram?"

Adun : "Babi..!"

Ali : "Nu leuwih haram deui?"

Adun : "Babi nu ngandung babi deui."

Ali : " Nu pangharamna?"

Adun embung eleh : " Babi nu ngandung babi teu boga bapa, siah...!"












Juragan Oded direktur PT. CEULEUPEUNG balik tikantor ngajenghok lantaran ningali juragan istri nu katelah gan Onah keur ceurik ngabangingik bari terus ngadu ka salakina.



Juragan Istri :"Pih.. tadi si emang tukang kebon cunihin ka abdi, tapi saurna dipiwarang ku papih !".



Juragan Oded : "Naha kunaon kitu?� ( ngajawab nyalse terus muka dasi lorengna nu gagebay)



Juragan istri : �Ah pokona cunihin tur campelak ka dunungan, naha leres eta teh dipiwarang ku papih ?�



Juragan Oded : �Naha da papih mah teu rumasa tutah titah nanaon ka simamang teh, ngan tadi rumasa ngomong kieu dina telepon teh : 'Mang lamun hujan, omat pangangkatkeun erok juragan istri, jeung asupkeun manukna� sakitu !'"












Yoyo, Kurdi jeung Adun keur uplek ngobrol, nyaritakeun pelemna lamun ngagere ceuli ku bulu hayam.



Yoyo : "Kupelem pelemna ngagere ceuli aya Dian Sastro ngaliwat ge dewek mah cuek we euy !"

Kurdi : "Sarua dewek ge, padahal malem kemis peuting kamari dewek keur sosonoan jeung jikun dewek, keur hot hotna karampa aya bulu hayam terus dirorekeun kana ceuli dewek, bakating ku pelem teu karasa ngagere ceuli nepi kasubuh."

Yoyo : "Teu uyahan, ari pamajikan maneh diantep nya?"

Kurdi : "Puguh lantaran eta, malem jumaah kamari sarena teh nonggongan dewek, ari ret disabeulaheunana aya bulu hayam sabebed."

Yoyo : "Ari maneh kumaha pangalaman teh Dun?"

Adun : "Komo dewek mah ku pelem pelemna ngagere ceuli, dua poe dua peuting anteng we ngagere ceuli, teu karasa bulu hayam asup tina ceuli kenca parat ka ceuli katuhu."












Hiji mangsa si sueb indit ka bandung naek bis.Maklum,na bis sok padedet ku muatan ari ges pinuhmah,nya si sueb teu kabagean jok kapaksa manehna nangtung.



Keur anteng manehna ngalamun torojol aya copet awewe kakarayapan kana pesak calanana,kabeneran pesak calana si sueb teh ges soeh(robek),trus manehna ngomong kieu,



Sueb : "Sok sia rek maling naon?"



Copet awewe : "Heunteu mang,"



Sueb : "Sok mending digorowoken copet,atawa mendingan tuluy usapan bobogaan aing."



Copet awewe : "..?@/???Ehm..."












Kusir : "Jang, mihape kuda sakeudeung. Emang rek ka cai heula."

Budak : "Ah alim, sieun nyongot."

Kusir : "Moal, da ieu mah kudana oge bageur."

Budak : "Sieun nyepak atuh."

Kusir : "Tara deuih. Kuda bageur."

Budak : "Moal ah, sieun kabur."

Kusir : "Ih, Si Ujang mah. Moal kabur, moal. Ceuk Emang oge, kuda bageur."

Budak : "Ari kitu mah, naha atuh miwarang di tungguan ku abdi?"












3 jelema nu keur pa agul2 eupan lauk..

Udin : eupan urang nu paling alus mah, karek ge anclom geus di capluk ku lauk..

Teja : nya eupan nu urang nu alus mah, eupan di luhur keneh lauk geus nongol "burukeun atuh, geus lapar"..

Ibro : eupan maraneh mh eleh ku nu urang, yeuh urang mah rek nguseup poe minggu, poe sabtu na lauk datang ka imah "pak, enjing janten teu nguseup na?"






[quote]





3 budak negro keur pa agul2..

Budak 1 : bapak urang euy nu pang hideung na mah, kamari keur maen bal suku na katemprang, katingali tulang na hideung..

Budak 2 : nya bapak urang atuh, kamari kacugak ngucur getih, getih na hideung..

Budak 3 : nya bapak urang, urang rek balik ka imah, pas asup bapak urang keur maca koran trus hitut, langsung poek..






[/spoiler][spoiler=open this] for :






Semoga agan2 terhibur..

:ngakak: :ngakak: :ngakak: :ngakak: :ngakak:









</div>